Selasa, 09 September 2014

conto pidato basa sunda

Pidato Bahasa Sunda
 Assalamualaikum wr wb.
Bapa-bapa, ibu-ibu saderek-saderek sadayana anu ku simkuring dipihormat.
Kalayan asma Allah Nu Maha Welas tur Nu Maya Asih. Langkung ti payun izinkeun simkuring ngadugikeun ucaapan terima kasih kana saniskanten perhatosan bapa-bapa, ibu-ibu sareng saderek sadaya anu parantos kersa ngaluuhan kana uleman simkuring ieu.
Shalawat saeng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya kangjeng Nabi Muhammad SAW, sareng kulawargina, para sahabatna tug dugi ka urang sadayana anu mudah-mudahan kawuwuh rahmat sareng kasalametanana. Dupi maksad uleman simkuring ieu taya sanes kanggo syuuran dina mempperemut dinten kalahiran pun anak wasta (nama anak) dina ulang tauna anu ka (umur anak).
Tujuan simkuring ngayakeun paremutan ieu sanes kanggo ngamanjakeun pun anak atawa miceun rijki sakedik anu taya gunana. Justru simkuring ngayakeun paremutan ieu nyaeta kanggo langkung ngemut-ngemut kawajiban simkuring salaku orang tua sareng kawajiban un anak sabagi tunas harapan bangsa. Sarta sasuai sareng kahoyong urang sadaya hoyong gaduh putra anu soleh anu dipirido ku Allah SWT. Margi upami ngemutkeun salah sawios katerangan anu kaunggel dina hadits Rasululloh, anu kie unggelna:
"Upama maot anak adam (manusa) mangka pegat sagala amalna kajaba tilu perkara, (nyaeta) shodaqoh jariyah, ilmu anu mamfaat, boga anak anu sholeh anu ngadu'akeun janu jadi indung bapana".
Ku ayana kitu simkuring ngayakeun paremutan ieu, simkuring salaku orang tuana secara hanteu langsung parantos diemutkeun, yen sumkuring kedah tanggel waler sabage kapala kulawarga.
Akhirna upami aya kakirarangan boh dina sambutan atawa dina jamuan anu sederhana ieu, simkuring nyuhunkeun pangapuntena ka para wargi sadaya.
Mudah-mudahan Allah SWT ngabulkeun kana sadaya permaksadan ieu. Amin ya mujibas sailin, walhamdu lillah Rabbil 'alamin
Wassalamu'alakum Wr Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar